Kembang Tanjung

Anaking jimat awaking

  • Anaking jimat awaking
  • Basa ema mulung tanjung
  • Rebun rebun
  • Dipakarangan nu reumis keneh
  • Harita keur kakandungan
  • Ku hidep
  • Geus opat taun ka tukang
  • Ema nyipta mulung bentang
  • Nu marurag peuting tadi
  • Bentang seungit ditiiran
  • Pangangguran
  • Anaking jimat awaking
  • Basa ema mulung tanjung
  • Reujeung hidep
  • Beut henteu sangka
  • Aya nu datang
  • Ti gunung rek ngabejakeun
  • Bapa hidep
  • Nu opat poe teu mulang
  • Ngepung gunung Pager betis
  • Cenah tiwas peuting tadi
  • Layonna keur kadieukeun
  • Dipulangkeun
  • Harita waktu layonna geus datang
  • Ema ceurik ieuh balilihan
  • Ras ka hidep ieuh na kandungan
  • Utun inji budak yatim
  • Deudeuh teuing
  • Harita waktu layon geus di gotong
  • Ema inget ieuh kana tanjung
  • Dikalungkeun na pasaran
  • Kembang asih panganggeusan ieuh
  • Ti duaan
  • Anaking jimat awaking
  • Lamun ema mulung tanjung
  • Reujeung hidep
  • Kasuat suat nya pipikiran
  • Tapina kedalna teh ku hariring
  • Hariring eling ku eling
  • Kana tanjung nu dipulung
  • Eh kembang tanjung
  • Nu nyengitan pakarangan
  • Nu nyengitan hate urang
  • Panineungan
00:00
-00:00
Lihat rincian lagu
Yuk duet bareng aku!

11 4 1

7-4 16:37 HMD GlobalNokia C31

Tangga lagu hadiah

Total: 0 0

Komentar 4