Ulah Ceurik(Pongdut Sunda)

Cag di dieu

  • Cag di dieu
  • Cag seumeut dieu
  • Lalakon cinta nu urang
  • Teup anteupkeun
  • Tong diguar deui
  • Carita cinta nu peugat
  • Najan kagandrung sagunung
  • Najan duriat sajagat
  • Kadeudeuh nu nyangreud pageuh
  • Ahirna urang papisah-pisah
  • Ék ka saha
  • Ka urang mana
  • Geura milari gentosna
  • Jig ka kidul
  • Jig ka kalér
  • Kulon ngétan moal nyaram
  • Tos teu aya kakaitan
  • Antara urang duaan
  • Lain anjeun lain abdi
  • Urang geus lain-lainna
  • Lain
  • Ulah ceurik
  • Tong diceungceurikkan
  • Tarimakeun janten duda
  • Abdi pasrah jadi randa
  • Da geuning kieu kuduna
  • Urang teu bisa kukumaha
  • Ulah ceurik
  • Tong diceungceurikkan
  • Wayahna urang papeugat
  • Najan haté masih beurat
  • Pileuleuyan pileuleuyan
  • Hampura abdi hampura
  • Ék ka saha
  • Ka urang mana
  • Geura milari gentosna
  • Jig ka kidul
  • Jig ka kalér
  • Kulon ngétan moal nyaram
  • Tos teu aya kakaitan
  • Antara urang duaan
  • Lain anjeun lain abdi
  • Urang geus lain-lainna
  • Lain
  • Ulah ceurik
  • Tong diceungceurikkan
  • Tarimakeun janten duda
  • Abdi pasrah jadi randa
  • Da geuning kieu kuduna
  • Urang teu bisa kukumaha
  • Ulah ceurik
  • Tong diceungceurikkan
  • Wayahna urang papeugat
  • Najan haté masih beurat
  • Pileuleuyan pileuleuyan
  • Hampura abdi hampura
  • Ulah ceurik
  • Tong diceungceurikkan
  • Tarimakeun janten duda
  • Abdi pasrah jadi randa
  • Da geuning kieu kuduna
  • Urang teu bisa kukumaha
  • Ulah ceurik
  • Tong diceungceurikkan
  • Wayahna urang papeugat
  • Najan haté masih beurat
  • Pileuleuyan pileuleuyan
  • Hampura abdi hampura
00:00
-00:00
View song details
Dengarkan duet yang terkoordinasi baik

21 3 6021

7-11 01:28

Gifts

Total: 0 5

Comments 3