KA BULAN

Mun pareng nincak ka bulan

  • Mun pareng nincak ka bulan
  • Hayang mawa nini aki jeung baraya
  • Moal rea barang bawa
  • Nu dibawa ngan samping eujeung kabaya
  • Hayu batur sarerea
  • Di bulan engke urang nyieun nagara
  • Bisi urang rumah tangga
  • Boga budak tong loba siga di dunya
  • Di bulan mah ceuk beja
  • Beda jeung dunya
  • Hese cai ngan ukur batu
  • Nu jadi sagara
  • Mun rek mandi ngahaja
  • Kumpul baraya
  • Ceurik bareng bari nandean
  • Sabatok cimata
  • Mun pareng nincak ka bulan
  • Hayang ngaronjatkeun budaya sunda
  • Ketuk tilu jaipongan
  • Moal leungit sanajan pindah ka bulan
  • Mun pareng nincak ka bulan
  • Hayang mawa nini aki jeung baraya
  • Moal rea barang bawa
  • Nu dibawa ngan samping eujeung kabaya
  • Hayu batur sarerea
  • Di bulan engke urang nyieun nagara
  • Bisi urang rumah tangga
  • Boga budak tong riyak siga di dunya
  • Di bulan mah ceuk beja
  • Beda jeung dunya
  • Hese cai ngan ukur batu
  • Nu jadi sagara
  • Mun rek mandi ngahaja
  • Kumpul baraya
  • Ceurik bareng bari nandean
  • Sabatok cimata
  • Ka bulan urang ka bulan
  • Ka bulan hai yang ka bulan
  • Ka bulan
00:00
-00:00
View song details
Yuk duet bareng aku!

26 10 1903

5-21 00:41 vivo 1902

Gifts

Total: 0 119

Comments 10