Tunggul Rahayu

Halimun di pucuk gunung

  • Halimun di pucuk gunung
  • Nyimutan tangkal kiara
  • Nguluwut jauh ti Indung
  • Anggang kanu jadi Bapa
  • Kiara anu harita
  • Kiwari kari tunggulna
  • Hirup nandangan tunggara
  • Kasaha muntangkeun rasa
  • Indung teh tunggul rahayu
  • Bapa mah tangkal darajat
  • Munjung teh kudu ka Indung
  • Muja mah kudu ka Bapa
  • Ari indung anu ngandung
  • Ari bapa nu ngayuga
  • Moal rek munjung ka gunung
  • Moal muja ka sagara
  • Indung teh tunggul rahayu
  • Bapa mah tangkal darajat
  • Munjung teh kudu ka Indung
  • Muja mah kudu ka Bapa
  • Ari indung anu ngandung
  • Ari bapa nu ngayuga
  • Moal rek munjung ka gunung
  • Moal muja ka sagara
  • Kiara anu harita
  • Kiwari kari tunggulna
  • Hirup nandangan tunggara
  • Kasaha muntangkeun rasa
00:00
-00:00
Xem chi tiết bài hát
Datang dan dengarkan acara KTV saya!

29 0 40

7-10 15:20 OPPOCPH2127

Quà

Tổng: 0 6

Bình luận 0