Da Bongan

Rimbung jati jadi ciri cinta saati

  • Rimbung jati jadi ciri cinta saati
  • Tangkal camara saksina neundeun carita
  • Dua hate nu keur ngait meungkeut diri sarenghapan
  • Kiwari paturay kedah patebih
  • Lain maksud udar jangji pikeun saati
  • Bongan sumpah nu harita taya buktina
  • Najan leubeut ku kadeudeuh
  • Najan pinuh ku kanyaah
  • Wayahna atuh da dalah kumaha
  • Keur anteng mikadeudeuh
  • Keur meujeuhna miasih
  • Angin peuting ngahiliwir mawa beja
  • Lain rek percaya lain rek sulaya
  • Da bongan atuh dalah kudu kumaha
  • Nyeuri peurih kiwari geus kapanggih
  • Rarungsing nalangsa nu taya piubareunana
  • Nyeuri peurih kiwari nu kasorang
  • Rajet hate da bongan ku didinya
  • Keur anteng mikadeudeuh
  • Keur meujeuhna miasih
  • Angin peuting ngahiliwir mawa beja
  • Lain rek percaya lain rek sulaya
  • Da bongan atuh dalah kudu kumaha
  • Nyeuri peurih kiwari geus kapanggih
  • Rarungsing nalangsa nu taya piubareunana
  • Nyeuri peurih kiwari nu kasorang
  • Rajet hate da bongan ku didinya
00:00
-00:00
Xem chi tiết bài hát
Yuk duet bareng aku!

36 0 1008

6-21 21:29 vivo 2007

Quà

Tổng: 3 100

Bình luận 0