Nineung

Ba'da sore wanci ngagayuh sareupna

  • Ba'da sore wanci ngagayuh sareupna
  • Pareng hujan girimis maseuhan bumi
  • Seor angin nyingraykeun daun kalapa
  • Nu marurag mulang lemah
  • Ngeunteungan katineung ati
  • Sajongjongan lamunan nyipta dirina
  • Nukiwari teu aya pisan bejana
  • Rasa kangen teu beunang
  • Dipangpalerkeun rasa gandrung
  • Ngagumulung disabudeureun jajantung
  • Gupay gupay panineungan
  • Ngalangkang dina lamunan
  • Hate asa kaleleban
  • Estu leungiteun puntangan
  • Nineung teu weleh nineung
  • Ras inget mangsa katukang
  • Nineung kapieling beurang peuting
  • Rasa gandrung ngagumulung
  • Disabudeureun jajantung
  • Sajongjongan lamunan nyipta dirina
  • Nukiwari teu aya pisan bejana
  • Rasa kangen teu beunang
  • Dipangpalerkeun rasa gandrung
  • Ngagumulung disabudeureun jajantung
  • Gupay gupay panineungan
  • Ngalangkang dina lamunan
  • Hate asa kaleleban
  • Estu leungiteun puntangan
  • Nineung teu weleh nineung
  • Ras inget mangsa katukang
  • Nineung kapieling beurang peuting
  • Rasa gandrung ngagumulung
  • Di sabudeureun jajantung
  • Nineung kapieling beurang peuting
  • Rasa gandrung ngagumulung
  • Di sabudeureun jajantung
00:00
-00:00
Lihat rincian lagu
Yuk dengarkan aku nyanyi solo!

41 13 3320

6-27 18:38 samsungSM-A155F

Tangga lagu hadiah

Total: 5 40

Komentar 13