Lalakon Hirup

Mawa diri dina nyorang kahirupan

  • Mawa diri dina nyorang kahirupan
  • Naha pinuh ku gogoda
  • Kana ati peurih
  • Asa bingung pipikiran
  • Gusti nu agung neda pitulung
  • Asa anéh mikiran polah manusa
  • Komo boga rasa ngéwa
  • Hayang puas haté
  • Ngakalan satékah polah
  • Najan tugenah diri sumerah
  • Cenah hirup di dunya ukur tunggara
  • Asal pageuh gumantung kanu kawasa
  • Najan diri nyeri peurih nu karasa
  • Lahaola ka Gusti urang nga du'a
  • Tumarima kana qadar nu kawasa
  • Anu murbéng alam dunya
  • Najan pikir linglung
  • Muntang éling kanu agung
  • Moal cangcaya bakal laksana
  • Cenah hirup di dunya ukur tunggara
  • Asal pageuh gumantung kanu kawasa
  • Najan diri nyeri peurih nu karasa
  • Lahaola ka Gusti urang nga du'a
  • Mawa diri dina nyorang kahirupan
  • Naha pinuh ku gogoda
  • Kana ati peurih
  • Asa bingung pipikiran
  • Gusti nu agung neda pitulung
00:00
-00:00
Xem chi tiết bài hát
Yuk duet bareng aku!

36 3 1079

7-20 02:18 OPPOCPH1923

Quà

Tổng: 0 4

Bình luận 3