DJ Pelesiran

Ka Garut kajojo ku dodolna

  • Ka Garut kajojo ku dodolna
  • Ka tasik lalucu souvenirna
  • Ciamis raos galendona
  • Ka Banjar Pangandaran endah alamna
  • Urang sindang ka Sumedang
  • Mapay jalan cadas Pangeran
  • Tuang tahu nikmat pisan
  • Pelesiran bari gogonjakan
  • Cililin kataji itu wajitna
  • Ka Bogor kasohor ku taleusna
  • Cianjur gaduh taucona
  • Ka Bandung kota kembang
  • Geulis mojangna
  • Urang sindang ka Karawang
  • Kageugeut ku goyang karawang
  • Urang Subang wantun tandang
  • Kameumeut ku nanas maduna
  • Kuningan ku talaga Reumisna
  • Cirebon kasohor ku tarlingna
  • Maranggi ti Purwakarta
  • Mochi ti Sukabumi wajib dicobi
  • Majalengka someahna
  • Kataji ku mangga gedongna
  • Jajakana pangkasepna
  • Taya deui bandinganana
  • Ka Banten katelah ku debusna
  • Ka Jampang reueusku jawarana
  • Cimahi gede kawani
  • Sanajan kota leutik tapi campernik
  • Bandung barat anu lumpat
  • Lumampah jeung mawa mangpaat
  • Majalaya katelahna
  • Raos pisan borondong garingna
00:00
-00:00
Lihat rincian lagu
Yuk dengarkan aku nyanyi solo!

26 3 2938

2022-12-17 16:35 vivo 1820

Tangga lagu hadiah

Total: 0 9

Komentar 3