Tepung Munggaran

Duh endahna basa patepung munggaran

  • Duh endahna basa patepung munggaran
  • Jeung manehna simpay katresna duaan
  • Aya rasa geter asih aya rasa mikaheman
  • Batin manteng duriat beut ka anjeunna
  • Unggal dinten hate teh beut kumalayang
  • Ngemutan kamelang ati nu kasawang
  • Geuring nangtung ngalanglayung
  • Tagiwur ratug jajantung
  • Sesah pisan mapalerkeun ku masketna
  • Duh panutan iraha atuh iraha
  • Urang patepung duaan pasini jangji
  • Lamun pareung laksana ka bale nyungcung
  • Direnceng renceng di papag ku payung agung
  • Duh kacipta mun ngabina rumah tangga
  • Jeung manehna satia nepi ka jaga
  • Na iraha urang teh bakal laksana
  • Sasarengan satuhu salalawasna
  • Unggal dinten hate teh beut kumalayang
  • Ngemutan kamelang ati nu kasawang
  • Geuring nangtung ngalanglayung
  • Tagiwur ratug jajantung
  • Sesah pisan mapalerkeun ku masketna
  • Duh panutan iraha atuh iraha
  • Urang patepung duaan pasini jangji
  • Lamun pareung laksana ka bale nyungcung
  • Direnceng renceng di papag ku payung agung
  • Duh kacipta mun ngabina rumah tangga
  • Jeung manehna satia nepi ka jaga
  • Na iraha urang teh bakal laksana
  • Sasarengan satuhu salalawasna
  • Sasarengan satuhu salalawasna
00:00
-00:00
Lihat rincian lagu
kabosai yang sangat baik

25 0 1296

6-12 21:22 INFINIX MOBILITY LIMITEDInfinix X657C

Tangga lagu hadiah

Total: 0 3

Komentar 0