Halangan Diri(Live)

Na kunaon sagala rupa

  • Na kunaon sagala rupa
  • Ngan aral gagal jeung gagal
  • Soal cinta jeung usaha
  • Kandas pamaksadan
  • Kamudahan bet ngabalieur
  • Kalapangan naronggongan
  • Paruntungan lumpat ngajauhan
  • Naha naha kunaon
  • Boa-boa halangan diri
  • Nu mangrupi dosa-dosa
  • Kajongjonan kangeunahan
  • Ngumbar-ngumbar larangan
  • Boa-boa halangan diri
  • Nu mangrupi dosa-dosa
  • Nu ngajajar meuni panjang
  • Sapanjang jalan kareta
  • Aduh Gusti aduh Gusti
  • Kumaha ngentengkeunana
  • Aduh Gusti aduh Gusti
  • Kumaha ngabebaskeunna
  • Panon cireumbay mapay-mapay pipi
  • Ragragan kana sajadah
  • Nginget-nginget laku lampah
  • Ninggang salah jeung salah
  • Hate anu meurih hate nu ngajerit
  • Kabeulit ku dosa-dosa
  • Biwir nu ngageter ngedalkeun rasa cinta
  • Ampun ampun duh Gusti
  • Boa-boa halangan diri
  • Nu mangrupi dosa-dosa
  • Kajongjonan kangeunahan
  • Ngumbar-ngumbar larangan
  • Boa-boa halangan diri
  • Nu mangrupi dosa-dosa
  • Nu ngajajar meuni panjang
  • Sapanjang jalan kareta
  • Aduh Gusti aduh Gusti
  • Kumaha ngentengkeunana
  • Aduh Gusti aduh Gusti
  • Kumaha ngabebaskeunna
00:00
-00:00
Lihat rincian lagu
Yuk dengarkan aku nyanyi solo!

325 43 3588

2023-2-19 12:07 INFINIX MOBILITY LIMITEDInfinix X6816

Tangga lagu hadiah

Total: 0 24

Komentar 43