Kembang Tanjung Panineungan

Anaking jimat awaking

  • Anaking jimat awaking
  • Basa Ema mulung tanjung rebun-rebun
  • Di pakarangan nu reumis keneh
  • Harita keur kakandungan ku hidep
  • Geus opat taun ka tukang
  • Ema nyipta mulung bentang
  • Nu marurag peuting tadi
  • Bentang seungit ditiiran pangangguran
  • Anaking jimat awaking
  • Basa Ema mulung tanjung rebun-rebun
  • Bet henteu sangka aya nu datang
  • Ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep
  • Nu opat poe teu mulang
  • Ngepung gunung mager bitis
  • Cenah tiwas peuting tadi
  • Layonna keur kadieukeun dipulangkeun
  • Harita waktu layonna geus datang
  • Ema ceurik ieung balilihan
  • Ras ka hidep ieung na kandungan
  • Utun inji budak yatim deudeuh teuing
  • Harita waktu layon geus digotong
  • Ema inget ieung kana tanjung
  • Dikalungkeun na pasaran
  • Kembang asih panganggeusan ieung ti duaan
  • Anaking jimat awaking
  • Basa Ema mulung tanjung reujeung hidep
  • Kasuat-suat nya pipikiran
  • Tapina kedalna teh ku hariring
  • Hariring eling ku eling
  • Kana tanjung nu dipulung eh
  • Kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan
  • Nu nyeungitan hate urang panineungan
00:00
-00:00
Lihat rincian lagu
Yuk dengarkan aku nyanyi solo!

64 4 1

2023-9-14 01:21 OPPOCPH1931

Tangga lagu hadiah

Total: 0 0

Komentar 4