Kahayang

Hariring kuring nu mawa jempling

  • Hariring kuring nu mawa jempling
  • Ngan hate aya hongcewang
  • Ngagalura jero dada
  • Ngendeuk-ngendeuk kana hate
  • Aduh jadi emutan
  • Tuh angin peuting nambahan jempling
  • Ngan hate teu bisa simpe
  • Neteup langit ngukur mega
  • Harewas nu can laksana
  • Aduh sing tinekanan
  • Geuning iraha arek simpe
  • Hate galecok mere harapan
  • Cita cita tinekanan
  • Ulah ukur dina sawangan
  • Aya kahayang teu kahontal
  • Hate peurih asa geurihan
  • Bet hese rek ka ubaran
  • Na iraha tuh rek kasorang
  • Duh kahayang rek tinekanan
  • Tuh angin peuting nambahan jempling
  • Ngan hate teu bisa simpe
  • Neteup langit ngukur mega
  • Harewas nu can laksana
  • Aduh sing tinekanan
  • Geuning iraha arek simpe
  • Hate galecok mere harapan
  • Cita cita tinekanan
  • Ulah ukur dina sawangan
  • Aya kahayang teu kahontal
  • Hate peurih asa geurihan
  • Bet hese rek ka ubaran
  • Na iraha tuh rek kasorang
  • Duh kahayang rek tinekanan
  • Duh kahayang rek tinekanan
00:00
-00:00
Xem chi tiết bài hát
mangga di per indah ocna... 🌹🌹🌹

20 0 1805

6-8 09:33 vivoV2434

Quà

Tổng: 0 5

Bình luận 0