Es Lilin

Es lilin mah didorong-dorong

  • Es lilin mah didorong-dorong
  • Dibantun mah dibantun ka sukajadi
  • Abdi isin dunungan samar kaduga
  • Sok inggis mah aduh henteu ngajadi
  • Es lilin mah ceuceu buatan bandung
  • Dicandak mah geuning ka cipaganti
  • Abdi isin jungjunan duh bararingung
  • Sok inggis mah aduh henteu ngajadi
  • Itu saha dunungan nu nungtun munding
  • Digantelan geuning ku saputangan
  • Itu saha dunungan ku ginding teuing
  • Sing horeng mah aduh geuning jungjunan
  • Es lilin mah ceuceu dikalapaan
  • Raosna mah geuningan kabina-bina
  • Abdi alim dunungan paduduaan
  • Sok sieun mah dibantun kamana-mana
  • Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir
  • Ka kaler mah ka kaler katojo bulan
  • Kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
  • Moal paler geuningan da ku sabulan
00:00
-00:00
Xem chi tiết bài hát
Nyanggakeun request lagu na...di antos pangrojong na mugia katampi 😎😎😎🙈🙈🙈🤭🤭🤭

55 16 1

2020-7-1 00:50 OPPOCPH1931

Quà

Tổng: 0 22

Bình luận 16