Sakur Ngimpi

Saprak anjeun ngaleos

  • Saprak anjeun ngaleos
  • Ngabeubeutkeun duriat
  • Hirup asa nunggelis hate mararingis
  • Saprak anjeun ninggalkeun
  • Ngararajet cinta urang
  • Pikiran baluweng pinuh ku emutan
  • Sagala rasa kabawa anjeun
  • Saparo nyawa ngilu ka anjeun
  • Nikmatna hirup leungit teu nyesa
  • Teuing kamana
  • Letah teu mirasa sagala karasa pait
  • Sare gulang guling hese peureum
  • Kahayang mah ieu teh sakur ngimpi
  • Anu ngageuingkeun urang
  • Tina kasombongan diri
  • Kahayang mah waktu teh ngulang deui
  • Sabulan anu katukang
  • Basa silih keukeupan
  • Ngahelas kaleungitan
  • Ngorejat seseblakan
  • Lieuk euweuh lieuk euweuh
  • Ngagugulung lamunan
  • Ngarep-ngarep sakur ngimpi
  • Ngarep-ngarep anjeun datang
  • Tiap detik ngan tatanya
  • Dimana anjeun
  • Letah teu mirasa sagala karasa pait
  • Sare gulang guling hese peureum
  • Kahayang mah ieu teh sakur ngimpi
  • Anu ngageuingkeun urang
  • Tina kasombongan diri
  • Kahayang mah waktu teh ngulang deui
  • Sabulan anu katukang
  • Basa silih keukeupan
  • Ngahelas kaleungitan
  • Ngorejat seseblakan
  • Lieuk euweuh lieuk euweuh
  • Ngagugulung lamunan
  • Ngarep-ngarep sakur ngimpi
  • Ngarep-ngarep anjeun datang
  • Tiap detik ngan tatanya
  • Dimana anjeun
00:00
-00:00
View song details
Heehee

51 2 4013

2020-7-24 19:57

Gifts

Total: 0 11

Comments 2

  • Hải Singer🎤 2020-8-16 08:16

    🌹🌹🌹🌹🌹🌹🌷🌷🌷🌷🌷🌷🌷❤️❤️❤️❤️

  • Bến 🏖️Đợi 2021-1-27 14:35

    🖐🖐👍👍🌹🌹🌷🌷🌺🌺💐💐💯💎💎🎁🎁