Es Lilin

Es lilin mah ceuceu didorong-dorong

  • Es lilin mah ceuceu didorong-dorong
  • Dibantun mah dibantun ka Sukajadi
  • Abdi isin dunungan samar kaduga
  • Sok inggis mah aduh henteu ngajadi
  • Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
  • Dicandak mah geuning ka Cipaganti
  • Abdi isin jungjunan duh bararingung
  • Sok inggis mah aduh henteu ngajadi
  • Itu saha dunungan nu nungtun munding
  • Digantelan geuningan ku saputangan
  • Itu saha dunungan ku ginding teuing
  • Sing horeng mah aduh geuning jungjunan
  • Es lilin mah ceuceu dikalapaan
  • Raosna mah geuningan kabina-bina
  • Abdi alim dunungan paduduaan
  • Sok sieun mah dibantun kamana-mana
  • Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir
  • Ka kaler mah ka kaler katojo bulan
  • Kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
  • Moal paler geuningan da ku sabulan
  • Es lilin mah ceuceu didorong-dorong
  • Dibantun mah dibantun ka Sukajadi
  • Abdi isin dunungan samar kaduga
  • Sok inggis mah aduh henteu ngajadi
  • Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
  • Dicandak mah geuningan ka Cipaganti
  • Abdi isin jungjunan duh bararingung
  • Sok inggis mah aduh henteu ngajadi
  • Itu saha dunungan nu nungtun munding
  • Digantelan geuningan ku saputangan
  • Itu saha dunungan ku ginding teuing
  • Sing horeng mah aduh geuning jungjunan
  • Es lilin mah ceuceu dikalapaan
  • Raosna mah geuningan kabina-bina
  • Abdi alim dunungan paduduaan
  • Sok sieun mah dibantun kamana-mana
  • Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir
  • Ka kaler mah ka kaler katojo bulan
  • Kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
  • Moal paler geuningan da ku sabulan
00:00
-00:00
查看作品詳情
Yuk dengarkan duet kami!

12 8 3480

12-4 18:59 vivoV2327

禮物榜

累計: 2 500

評論 8