Tepung Salangkung

Waktos ngawitan patepang lebah pengkolan

  • Waktos ngawitan patepang lebah pengkolan
  • Na sorot soco aya teuteup rada manjang
  • Ngabelengeh anjeun imut
  • Meni lucu matak kairut
  • Nembus rasa jajantung ratug dag dig dug
  • Teu loba catur ngaleos terus ngalengkah
  • Sanajan hate ngarasa beurat tur wegah
  • Da kahayang mah bisa ngobrol rada lila
  • Rek nyarita kahalang ku rasa era
  • Sok sanajan patepung ukur salangkung
  • Aya teuteup meungkeut geugeut
  • Duh kadeudeuh maneuh
  • Moal enya salira sami micinta
  • Da katawis na sorot soca
  • Poe isuk rek ulin deui kadinya
  • Susuganan aya bagja
  • Tepang deui jeung anjeunna
  • Teu loba catur ngaleos terus ngalengkah
  • Sanajan hate ngarasa beurat tur wegah
  • Da kahayang mah bisa ngobrol rada lila
  • Rek nyarita kahalang ku rasa era
  • Sok sanajan patepung ukur salangkung
  • Aya teuteup meungkeut geugeut
  • Duh kadeudeuh maneuh
  • Moal enya salira sami micinta
  • Da katawis na sorot soca
  • Poe isuk rek ulin deui ka dinya
  • Susuganan aya bagja
  • Tepang deui jeung anjeunna
00:00
-00:00
Lihat rincian lagu
Yuk dengarkan duet kami!

80 7 2379

2020-10-19 15:26 OPPOCPH1909

Tangga lagu hadiah

Total: 0 15

Komentar 7

  • 🌴La'tansa🌴 2020-10-19 15:36

    Haturan wilujeng Sumping ,kalintang ngahaturkeun nuhun parantos kersa nyarengan kawihna,katampi saee pisaan 👍👍🌹💐👍🌹

  • WSPG_177_Cece_Smd 2020-10-19 15:41

    sami2 kang 👍 mani tegep pisan 🙏 Rupina praktisi nya kang 👍

  • 🌴La'tansa🌴 2020-10-19 16:23

    Urang pupusti kasenian Sunda teh urang sami sami di ajar ngbangkeun hobby😄😄👃👃

  • WSPG_177_Cece_Smd 2020-10-19 16:35

    Leres pisan kang......se7👍🙏

  • babby bos 2020-12-31 14:15

    💞 🤘💘 keren kak

  • Jon malik 2020-12-31 14:56

    lagunya pas banget

  • Kiki Si Rizky 2021-1-6 15:07

    nicee