Pilemburan

Cireumis na pucuk eurih

  • Cireumis na pucuk eurih
  • Marurag ka enag angin
  • Kasorot cahaya surya
  • Burisat lir mutiara
  • Tangkal haur sadapuran
  • Ngiuhan sisi walungan
  • Caina herang ngagenyas
  • Herang katembong lauk na
  • Endah alam pilemburan
  • Iuh iuh tatangkalan
  • Kiara tinggal satangkal
  • Umurna enggeus taunan
  • Pilemburan padumukan
  • Geus lila tara di teang
  • Hampura kuring tamelar
  • Mo lila kuring rek datang
  • Cireumis na pucuk eurih
  • Marurag ka enag angin
  • Kasorot cahaya surya
  • Burisat lir mutiara
  • Endah alam pilemburan
  • Iuh iuh tatangkalan
  • Kiara tinggal satangkal
  • Umurna enggeus taunan
  • Pilemburan padumukan
  • Geus lila tara di teang
  • Hampura kuring tamelar
  • Mo lila kuring rek datang
  • Endah alam pilemburan
  • Iuh iuh tatangkalan
  • Kiara tinggal satangkal
  • Umurna enggeus taunan
  • Pilemburan padumukan
  • Geus lila tara di teang
  • Hampura kuring tamelar
00:00
-00:00
ดูรายละเอียดเพลง
Yuk dengarkan aku nyanyi solo!

31 3 1

8-25 13:19 vivoV2030

ชาร์ตของขวัญ

รวม: 0 4

ความเห็น 3