Jampe Harupat (2022)

Jampé-jampé harupat

  • Jampé-jampé harupat
  • Geura gedé geura lumpat
  • Sing jauh tina maksiat anaking
  • Ngarah salamet akhérat
  • Jampé-jampé harupat
  • Geura gedé geura lumpat
  • Susah senang omat shalat anaking
  • Beunghar kadé poho zakat
  • Jampé-jampé harupat
  • Pék dudunya satakerna
  • Lir ibarat hidep di dunya
  • Rék hirup saumur dunya
  • Jampé-jampé harupat
  • Prak ibadah satakerna
  • Lir ibarat hidep di dunya
  • Rék cacap engké sareupna
  • Dodoja datang tong kalut
  • Sanghareupan make imut
  • Ulah rék aral subaha anaking
  • Sing percaya ka nu Kawasa
  • Maha welas maha asih
  • Moal aya pilih kasih
  • Sagala nu karandapan ku hidep
  • Tangtuna bongan sorangan
  • Ti bapa ieu pépéling
  • Ngarah hidep hirup salawasna éling
  • Heunteu beurang heunteu peuting
  • Hidep kudu soléh satungtung nyaring
  • Jampé-jampé harupat
  • Pék dudunya satakerna
  • Lir ibarat hidep di dunya
  • Rék hirup saumur dunya
  • Jampé-jampé harupat
  • Prak ibadah satakerna
  • Lir ibarat hidep di dunya
  • Rék cacap engké sareupna
  • Dodoja datang tong kalut
  • Sanghareupan make imut
  • Ulah rék aral subaha anaking
  • Sing percaya ka nu Kawasa
  • Maha welas maha asih
  • Moal aya pilih kasih
  • Sagala nu karandapan ku hidep
  • Tangtuna bongan sorangan
  • Ti bapa ieu pépéling
  • Ngarah hidep hirup salawasna éling
  • Heunteu beurang heunteu peuting
  • Hidep kudu soléh satungtung nyaring
00:00
-00:00
Lihat rincian lagu
Yuk duet bareng aku!

36 7 2290

2023-12-16 09:01 samsungSM-A125F

Tangga lagu hadiah

Total: 0 23

Komentar 7