TIBELAT

️ TIBELAT ️

  • ️ TIBELAT ️
  • NINING MEIDA
  • Ukur sarérét,Teuteup saliwat
  • Tapi duriat,Tumapel maskét
  • Matih lir peurah,Diri sumerah
  • Kumambang asih
  • Néang pangeunteupan deudeuh
  • Diri ngambang
  • Kabandang kajamparing ku manéhna
  • Diri nguyung
  • Kapentang ngalanglayung ku manéhna
  • Kamana atuh.. kamana
  • Néang manéhna,Metik atina
  • Sarérét jeung saliwat
  • Mawa tibelat,Sesah Hilapna
  • Rérét manéhna
  • Teuteup manéhna
  • Seukeut pamorna
  • Ngahudang cinta
  • SALAM BAKTOS
  • Gandrung tibelat,Liwung kabandang
  • Haté micangcam,Beurang jeung peuting
  • Raray kagambar,Haté gumeter
  • Hayang patepang,Sugan asih bisa nyanding
  • Diri ngambang
  • Kabandang kajamparing ku manéhna
  • Diri nguyung
  • Kapentang ngalanglayung ku manéhna
  • Kamana atuh kamana
  • Néang manéhna,Metik atina
  • Sarérét jeung saliwat
  • Mawa tibelat,Sesah Hilapna
  • Jamparing asih
  • Nembus kadeudeuh
  • Daya asmara
  • Kembangna cinta
  • Ukur sarérét,Teuteup saliwat
  • Tapi duriat,Tumapel maskét
  • Matih lir peurah,Diri sumerah
  • Kumambang asih
  • Néang pangeunteupan deudeuh
  • Diri ngambang
  • Kabandang kajamparing ku manéhna
  • Diri nguyung
  • Kapentang ngalanglayung ku manéhna
  • Kamana atuh.. kamana
  • Néang manéhna,Metik atina
  • Sarérét jeung saliwat
  • Mawa tibelat,Sesah Hilapna
  • Rérét manéhna
  • Teuteup manéhna
  • Seukeut pamorna
  • Ngahudang cinta
  • ️HATUR NUHUN ️
00:00
-00:00
ดูรายละเอียดเพลง
Yuk duet bareng aku!

50 4 1

2023-11-15 16:03 OPPOCPH1909

ชาร์ตของขวัญ

รวม: 5 54

ความเห็น 4