Kembang Tanjung Panineungan

Anaking jimat awaking

  • Anaking jimat awaking
  • Basa Ema mulung tanjung rebun-rebun
  • Di pakarangan nu reumis keneh
  • Harita keur kakandungan ku hidep
  • Geus opat taun ka tukang
  • Ema nyipta mulung bentang
  • Nu marurag peuting tadi
  • Bentang seungit ditiiran pangangguran
  • Anaking jimat awaking
  • Basa Ema mulung tanjung rebun-rebun
  • Bet henteu sangka aya nu datang
  • Ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep
  • Nu opat poe teu mulang
  • Ngepung gunung mager bitis
  • Cenah tiwas peuting tadi
  • Layonna keur kadieukeun dipulangkeun
  • Harita waktu layonna geus datang
  • Ema ceurik ieung balilihan
  • Ras ka hidep ieung na kandungan
  • Utun inji budak yatim deudeuh teuing
  • Harita waktu layon geus digotong
  • Ema inget ieung kana tanjung
  • Dikalungkeun na pasaran
  • Kembang asih panganggeusan ieung ti duaan
00:00
-00:00
Lihat rincian lagu
Yuk dengarkan aku nyanyi solo!

26 2 1

2022-10-12 21:18 vivoV2025

Tangga lagu hadiah

Total: 0 6

Komentar 2