Kembang Tanjung Panineungan

Anaking jimat awaking

  • Anaking jimat awaking
  • Basa Ema mulung tanjung rebun-rebun
  • Di pakarangan nu reumis keneh
  • Harita keur kakandungan ku hidep
  • Geus opat taun ka tukang
  • Ema nyipta mulung bentang
  • Nu marurag peuting tadi
  • Bentang seungit ditiiran pangangguran
  • Anaking jimat awaking
  • Basa Ema mulung tanjung rebun-rebun
  • Bet henteu sangka aya nu datang
  • Ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep
  • Nu opat poe teu mulang
  • Ngepung gunung mager bitis
  • Cenah tiwas peuting tadi
  • Layonna keur kadieukeun dipulangkeun
  • Harita waktu layonna geus datang
  • Ema ceurik ieung balilihan
  • Ras ka hidep ieung na kandungan
  • Utun inji budak yatim deudeuh teuing
  • Harita waktu layon geus digotong
  • Ema inget ieung kana tanjung
  • Dikalungkeun na pasaran
  • Kembang asih panganggeusan ieung ti duaan
  • Anaking jimat awaking
  • Basa Ema mulung tanjung reujeung hidep
  • Kasuat-suat nya pipikiran
  • Tapina kedalna teh ku hariring
  • Hariring eling ku eling
  • Kana tanjung nu dipulung eh
  • Kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan
  • Nu nyeungitan hate urang panineungan
00:00
-00:00
ดูรายละเอียดเพลง
nyanggakeun sabuktosna🙏

30 6 1

7-23 21:29 samsungSM-A025F

ชาร์ตของขวัญ

รวม: 0 104

ความเห็น 6

  • Rose 7-23 21:44

    asalamualaikum warohmatulohi wabarokatuh santun wengi Raiii... Alhamdulillah salira sumping deui nyarengan ieu kawih duuuh...aya ku madep 👍

  • Rose 7-23 21:46

    mantap kieu duuh yeeeung...hatur nuhun pisan raiii katampi ku kabingahan salam baktos Rai aceuk NU bageur 👍👍👍🙏🙏🙏

  • Edy( pjr) 7-24 00:59

    waalaikumsalam ceuk ...sami sami nuhun ku pangajeng2na mugia sehat berkah salamina🤲🤲🤲🙏

  • Rose 7-24 01:01

    Amin ya rabbal alamin sami2 raiii🙏🙏🙏

  • QUEEN_ANGEL 7-30 14:34

    selalu support!

  • Syahrina Wulandari 7-30 15:57

    Semangat terus ya semua nya.. jgn lupa selalu sehat dan happy✌😎🙏 😍😊🙋‍♂️