Gapura Cinta

Dina gapura cinta anjeun datang

  • Dina gapura cinta anjeun datang
  • Datang némbongan
  • Mawa panghareupan
  • Mekarkeun kembang katresna
  • Dina jandela rasa anjeun pasrah
  • Dirangkul asmara
  • Teu daya nampi kaasih
  • Nu meulit jeroning ati
  • Munggaran kenal nu teu pira
  • Tepang na uleman
  • Waktos harita réréncangan
  • Pésta panganténan
  • Dina gapura nya di dinya
  • Janten panineungan
  • Salira neuteup semu geugeut
  • Imut bangun ngaheureuyan
  • Gapura cinta jalan nu munggaran
  • Medalna asmara
  • Gapura cinta lawangna kahéman
  • Pantona katresna
  • Gapura cinta dipapaés kembang
  • Kembang pangharepan
  • Gapura cinta weweg ajeg panceg
  • Lir asih urang duaan
  • Dina gapura cinta urang silih
  • Rangkulkeun panangan
  • Geterna nembus kana dada
  • Ngahudang rasa kahéman
  • Munggaran kenal nu teu pira
  • Tepang na uleman
  • Waktos harita réréncangan
  • Pésta panganténan
  • Dina gapura nya di dinya
  • Janten panineungan
  • Salira neuteup semu geugeut
  • Imut bangun ngaheureuyan
  • Gapura cinta jalan nu munggaran
  • Medalna asmara
  • Gapura cinta lawangna kahéman
  • Pantona katresna
  • Gapura cinta dipapaés kembang
  • Kembang pangharepan
  • Gapura cinta weweg ajeg panceg
  • Lir asih urang duaan
00:00
-00:00
Lihat rincian lagu
Yuk dengarkan duet kami!

29 14 3978

5-7 09:51 XiaomiM2006C3LG

Tangga lagu hadiah

Total: 0 8

Komentar 14