SARIAK LAYUNG

Sariak layung di gunung

  • Sariak layung di gunung
  • Iber pasini patepung lawung
  • Teuteup jauh ngawangwang
  • Nu dipigandrung
  • Eh ngawangwang nu dipigandrung ieu
  • Harendong meupeuy harideung
  • Jalan satapak rarambu leuweung
  • Kumalayang rongheap na nu dipitineung
  • Eh rongheap na nu dipitineung ieu
  • Surya surup layung hibar
  • Katanjakan sawangan dihuma
  • Geus ngolebat ieuh samar-samar
  • Hariring asihna kapireng ngaleler
  • Angin tiis ti mumunggang
  • Katitipan harewos kamelang
  • Tawis deudeuh ieuh nu maranti
  • Sungkeman kaheman
  • Saranggeuy malati
  • Sariak layung di gunung
  • Iber pasini patepung lawung
  • Teuteup jauh ngawangwang
  • Nu dipigandrung
  • Eh ngawangwang nu dipigandrung ieu
  • Harendong meupeuy harideung
  • Jalan satapak rarambu leuweung
  • Kumalayang rongheap na nu dipitineung
  • Eh rongheap na nu dipitineung ieu
  • Surya surup layung hibar
  • Katanjakan sawangan dihuma
  • Geus ngolebat ieuh samar-samar
  • Hariring asihna kapireng ngaleler
  • Angin tiis ti mumunggang
  • Katitipan harewos kamelang
  • Tawis deudeuh ieuh nu maranti
  • Sungkeman kaheman
  • Saranggeuy malati
00:00
-00:00
Lihat butiran lagu
Datang dan dengarkan acara KTV saya!

13 0 3071

9-15 00:07 samsungSM-A042F

Carta hadiah

Jumlah: 0 0

Komen 0