Ayun Ambing

Deungkleung dengdek

  • Deungkleung dengdek
  • Anaking jimat awaking
  • Geura bobo uuu
  • Panutan kalbu
  • Ema hidep aya di pangumbaraan
  • Nyiar rizki buburuh jadi T K I
  • Deungkleung dengdek
  • Anaking di ayun ambing
  • Ulah rungsing tepung jeung peuting
  • Anggur nyaring na mangsa keur sepi jempling
  • Ngadu'a ema hidep enggal mulang
  • Ukur cimata nu jadi ubarna
  • Rasa kasono
  • Teu weuleh ngadodoho
  • Sanajan urang paanggang
  • Hate mah paanjang anjang
  • Sanajan urang papisah
  • Ka Gusti urang sumerah diri
  • Kieu buktina
  • Kedah kieu nasibna
  • Deungkleung dengdek
  • Anaking di ayun ambing
  • Ulah rungsing tepung jeung peuting
  • Anggur nyaring na mangsa keur sepi jempling
  • Ngadu'a ema hidep enggal mulang
  • Ukur cimata nu jadi ubarna
  • Rasa kasono
  • Teu weuleh ngadodoho
  • Sanajan urang paanggang
  • Hate mah paanjang anjang
  • Sanajan urang papisah
  • Ka Gusti urang sumerah diri
  • Kieu buktina
  • Kedah kieu nasibna
00:00
-00:00
View song details
ngarewong

123 7 3018

2020-7-10 14:35 PRIMEprime5

Gifts

Total: 0 14

Comments 7