Talaga Reumis

Talaga reumis

  • Talaga reumis
  • Talaga nu jadi saksi
  • Waktos urang paheut janji
  • Pasini pakait ati
  • Pasimpay rasa satia
  • Duh bagja saksina talaga reumis
  • Talaga reumis
  • Talaga endah romantis
  • Tempat urang ngumbar asih
  • Ngamprokkeun rasa kasono
  • Nyacapkeun rasa katresna
  • Duh endah di sisi talaga reumis
  • Di sisi talaga reumis
  • Cinta mekar karembangan
  • Di sisi talaga reumis
  • Carita pinuh mamanis
  • Di sisi talaga reumis
  • Asih nyanding kabagjaan
  • Di sisi talaga reumis
  • Nyipta rasa nu romantis
  • Urang anteng
  • Paduduaan
  • Mancing rasa
  • Asih kaheman
  • Useup na useup kageugeut
  • Eupan na geleng kadeudeuh
  • Nganggo jeujeur
  • Pangharepan
  • Ngantos geterna kukumbul kalbu
  • Surser rasa kasangut cinta
  • Pinanggih bagja di talaga
  • Urang anteng paduduaan
  • Mahalelang tembang kasmaran
  • Nahariri lirih kaheman
  • Bagalindeng langgam katilih
  • Lirih asih pamati pati
  • Tembang tresna panyimpai rasa
  • Lagu syahdu pepende kalbu
  • Kahudam cinta di talaga
  • Talaga reumis
  • Talaga nu jadi saksi
  • Waktos urang paheut janji
  • Pasini pakait ati
  • Pasimpay rasa satia
  • Duh bagja saksina talaga reumis
  • Di sisi talaga reumis
  • Cinta mekar karembangan
  • Di sisi talaga reumis
  • Carita pinuh mamanis
  • Di sisi talaga reumis
  • Asih nyanding kabagjaan
  • Di sisi talaga reumis
  • Nyipta rasa nu romantis
  • Urang anteng
  • Paduduaan
  • Mancing rasa
  • Asih kaheman
  • Useup na useup kageugeut
  • Eupan na geleng kadeudeuh
  • Nganggo jeujeur
  • Pangharepan
  • Ngantos geterna kukumbul kalbu
  • Surser rasa kasangut cinta
  • Pinanggih bagja di talaga
  • Urang anteng paduduaan
  • Mahalelang tembang kasmaran
  • Nahariri lirih kaheman
  • Bagalindeng langgam katilih
  • Lirih asih pamati pati
  • Tembang tresna panyimpai rasa
  • Lagu syahdu pepende kalbu
  • Kahudam cinta di talaga
00:00
-00:00
Lihat rincian lagu
💛Menyanyilah & biarkan hatimu menari,meskipun ragamu letih,karena kebahagiaan hanya kau yang bisa memilih💛Sri Mulyati💛29 Okt 2020 Kamis💛

116 2 6722

2020-10-29 16:02 samsungSM-T285

Tangga lagu hadiah

Total: 0 10

Komentar 2

  • uci 2020-10-29 18:41

    👍🌷💖

  • kecombro telo 2021-1-6 12:04

    semangat ya n sukses selalu🙏 ❤️✨🎺