Rumaos

Rumaos sering asa asa

  • Rumaos sering asa asa
  • Isin kagok ngahalangan rasa
  • Hariwang ngambang nu teu daya
  • Ucap nutup nahan kedal tresna
  • Rumaos sering huleng jentul
  • Nimbang nimbang pilakueun kedal
  • Longkewang aringgis ku bisi
  • Boa boa asih samar tepi
  • Kalah anteng na lamunan
  • Nyawang geugeut patembongan
  • Ngumbar tresna nu duaan
  • Kareueut ku kaendahan
  • Nyipta leumpang babarengan
  • Ligar asih karembangan
  • Imut manis panghareupan
  • Kasmaran na lelembutan
  • Rumaos sering niis peuting
  • Nandang asih abot sakalintang
  • Ngadago surti sugan ngarti
  • Nenggang sepi katalimbeng diri
  • Rumaos sering nyawang bulan
  • Nyipta tepung lawung paguneman
  • Gentrana galindeng harepan
  • Nyanding asih tresna nu duaan
  • Kalah anteng na lamunan
  • Nyawang geugeut patembongan
  • Ngumbar tresna nu duaan
  • Kareueut ku kaendahan
  • Nyipta leumpang babarengan
  • Ligar asih karembangan
  • Imut manis pangharepan
  • Kasmaran na lelembutan
  • Rumaos sering asa asa
  • Isin kagok ngahalangan rasa
  • Hariwang ngambang nu teu daya
  • Ucap nutup nahan kedal tresna
  • Rumaos sering huleng jentul
  • Nimbang nimbang pilakueun kedal
  • Longkewang aringgis ku bisi
  • Boa boa asih samar tepi
  • Kalah anteng na lamunan
  • Nyawang geugeut patembongan
  • Ngumbar tresna nu duaan
  • Kareueut ku kaendahan
  • Nyipta leumpang babarengan
  • Ligar asih karembangan
  • Imut manis panghareupan
  • Kasmaran na lelembutan
00:00
-00:00
Lihat rincian lagu
Yuk dengarkan aku nyanyi solo!

94 12 4687

1-9 11:42 vivo 1904

Tangga lagu hadiah

Total: 14 375

Komentar 12