Di Maribaya

Di Maribaya manehna kungsi nyarita

  • Di Maribaya manehna kungsi nyarita
  • Cenah asih ngarandaka jeung deudeuhna
  • Najan angin nu lirih leuir datangna
  • Arek langgeng manehna neundeun cintana
  • Di Maribaya manehna serah teuteupan
  • Nyukcruk nyuuh pasrah renghap satekadan
  • Taya daya nu wasa mungpang karepna
  • Da sok inggis manehna pegat geugeutna
  • Mangka lisana cenah asih tingtrim diri
  • Nu saenyana puguh asih nyari panggih
  • Lana makalangan
  • Kuring leumpang dina jero pangimpian
  • Ku Maribaya manehna ngambang kabandang
  • Taya daya muka tresna saliwatan
  • Najan diri kaburu aya nuboga
  • Tapi tetep asih mah anu manehna
  • Di Maribaya manehna serah teuteupan
  • Nyukcruk nyuuh pasrah renghap satekadan
  • Taya daya nu wasa mungpang karepna
  • Da sok inggis manehna pegat geugeutna
  • Mangka lisana cenah asih tingtrim diri
  • Nu saenyana puguh asih nyari panggih
  • Lana makalangan
  • Kuring leumpang dina jero pangimpian
  • Ku Maribaya manehna ngambang kabandang
  • Taya daya muka tresna saliwatan
  • Najan diri kaburu aya nuboga
  • Tapi tetep asih mah anu manehna
  • Najan diri kaburu aya nuboga
  • Tapi tetep asih mah anu manehna
00:00
-00:00
Lihat rincian lagu
mangga

37 10 1726

2022-4-3 18:36 红米6A

Tangga lagu hadiah

Total: 2 3

Komentar 10