Wengi Enjing Tepang Deui

Disimbutan ku halimun

  • Disimbutan ku halimun
  • Diaping ku indung peuting
  • Lalaunan ngalayangna
  • Sukma ninggalkeun jasmani
  • Emh aduh sukma ninggalkeun jasmani
  • Ngalayang ka awang-awang
  • Rék nepangan anu tebih
  • Nepungan ka urang gunung
  • Malati di pinggir pasir
  • Kakara pisan ligarna
  • Kapendakna tacan lami
  • Katuruban dangdaunan
  • Kaheumpikan nagasari
  • Kembang diburu dirungrum
  • Sawengi henteu kawangi
  • Patapan henteu kalanglang
  • Raraosan mah sawarsih
  • Emh aduh raraosan mah sawarsih
  • Hawar-hawar sora hayam
  • Ciri parantos janari
  • Nu nyumput téh humarurung
  • Teungteuingeun milik diri
  • Harianeun teuing kadar
  • Misahkeun anu keur asih
  • Kembang nganggo dihalangan
  • Ditundung ku indung peuting
  • Gunung geus aya di pungkur
  • Indit haté mah murilit
  • Duh indit haté mah murilit
  • Miang gé da sumoréang
  • Parangtritis kapiati
  • Aduh enung pileuleuyan
  • Wengi énjing tepang deui
  • Emh aduh wengi énjing tepang deui
00:00
-00:00
Lihat rincian lagu
Yuk dengarkan aku nyanyi solo!

182 8 1

2020-1-8 20:13 samsungSM-A505FN

Tangga lagu hadiah

Total: 0 22

Komentar 8