Pukah

Satadina sugan teh moal rek cidra

  • Satadina sugan teh moal rek cidra
  • Boro betah mika nyaah mika cinta
  • Ka manehna kuring geus asa miboga
  • Geuning asih teh lain nu kuring
  • Katresna gancang luncatna
  • Milih nu lian
  • Diri kuring ibarat cukang wahangan
  • Dipake meuntas pikeun nyorang paniatan
  • Batin sedih duh nyeri kaliwat saking
  • Peurih asa diturih ku hinis
  • Asa ditirug jajantung ngalanglayung
  • Anjeun datang deui
  • Sanggeus meunang kanyeri
  • Tapi hate teu narima
  • Kanyeri asa can bari
  • Bongan anjeun tega
  • Ngulinkeun rasa kacinta
  • Asih nu mimiti
  • Pukah teu puguh salah
  • Pegat beurat duriat
  • Anjeun mah jongjon miheman
  • Diri kuring ibarat cukang wahangan
  • Dipake meuntas pikeun nyorang paniatan
  • Batin sedih duh nyeri kaliwat saking
  • Peurih asa diturih ku hinis
  • Asa ditirug jajantung ngalanglayung
  • Anjeun datang deui
  • Sanggeus meunang kanyeri
  • Tapi hate teu narima
  • Kanyeri asa can bari
  • Bongan anjeun tega
  • Ngulinkeun rasa kacinta
  • Asih nu mimiti
  • Pukah teu puguh salah
  • Pegat beurat duriat
  • Anjeun mah jongjon miheman
00:00
-00:00
Xem chi tiết bài hát
😢😢😢😢😢

49 6 1880

2021-3-15 07:12 OPPOCPH1801

Quà

Tổng: 0 4

Bình luận 6