Magatru

Coba teguh naon nu sukuna tilu

  • Coba teguh naon nu sukuna tilu
  • Panon opat henteu galib
  • Leumpang rumanggieung laun
  • Estuning ku matak watir
  • Dongko bari aha oho
  • Hulu nutug buntutna ngacung kaluhur
  • Buluna carentik rintit
  • Matana mangpuluh-puluh
  • Rasa haseum semu amis
  • Rajeg narangtuang di kebon
  • Aya sumur di awang ngacung kaluhur
  • Caina herang tur amis
  • Eusina daging bodas alus
  • Nyokotna estu babari
  • Boh di cokel boh di kerok
  • Sukuna pakupis tilu
  • Panon na opat harerang
  • Leumpangna semu nu lesu
  • Ngalengkah teu bisa gancang
  • Buntutna ngacung ka langit
  • Buluna carentik rintit
  • Matana mangpuluh-puluh
  • Tangginas anu rek neguh
  • Sumurna di awang awang
  • Caina amis tur herang
  • Dagingna bodas ngagenyas
  • Mesekna kudu di kupas
00:00
-00:00
查看作品详情
🙄🎵🎶🎤

27 3 997

9-11 01:47 OPPOCPH2239

礼物榜

累计: 3 397

评论 3