Akar Cinta

Naha angin anjeun heunteu mawa beja

  • Naha angin anjeun heunteu mawa beja
  • Naha bentang anjeun teu ucap carita
  • Bulan ge taya nyaangan
  • Mega hideung nu nutupan
  • Ka kuring nu keur nyorangan
  • Poek peuting mareungan pikir nu geuring
  • Hate nguyung emut kanu lawas pundung
  • Miang ninggalkeun kalangkang
  • Ilang nitipkeun kameulang
  • Ka kuring nu keur kasmaran
  • Naon atuh nu jadi cukang lantaran
  • Murka hate nu taya hampura pisan
  • Anjeun nu nyaah tur heman
  • Pinuh ku kasatiaan
  • Kiwari tinggal lamunan
  • Akar cinta anu meulit dina rasa
  • Lesot udar tina beungkeutan ka tresna
  • Teu nyana kieu jadina
  • Teu sangka dina ahirna
  • Tunggara kuring jadina
  • Anjeun kaniyaya
  • Poek peuting mareungan pikir nu geuring
  • Hate nguyung emut kanu lawas pundung
  • Miang ninggalkeun kalangkang
  • Ilang nitipkeun kameulang
  • Ka kuring nu keur kasmaran
  • Naon atuh nu jadi cukang lantaran
  • Murka hate nu taya hampura pisan
  • Anjeun nu nyaah tur heman
  • Pinuh ku kasatiaan
  • Kiwari tinggal lamunan
  • Akar cinta anu meulit dina rasa
  • Lesot udar tina beungkeutan ka tresna
  • Teu nyana kieu jadina
  • Teu sangka dina ahirna
  • Tunggara kuring jadina
  • Anjeun kaniyaya
00:00
-00:00
查看作品詳情
Yuk dengarkan duet kami!

28 4 3419

11-21 23:44 OPPOCPH2477

禮物榜

累計: 2 6

評論 4