Pelesiran(Remix)

Ka Garut kajojo ku dodolna

  • Ka Garut kajojo ku dodolna
  • Ka Tasik lalucu souvenirna
  • Ciamis raos galéndona
  • Ka Banjar Pangandaran éndah alamna
  • Urang sindang ka Sumedang
  • Mapay jalan Cadas Pangéran
  • Tuang tahu nikmat pisan
  • Pelesiran bari gogonjakan
  • Cililin kataji itu wajitna
  • Ka Bogor kasohor ku taleusna
  • Cianjur gaduh taucona
  • Ka Bandung kota kembang
  • Geulis mojangna
  • Urang sindang ka Karawang
  • Kageugeut ku goyang karawang
  • Urang Subang wantun tandang
  • Kameumeut ku nanas maduna
  • Kuningan ku talaga reumisna
  • Cirebon kasohor ku tarlingna
  • Maranggi ti Purwakarta
  • Mochi ti Sukabumi wajib dicobi
  • Majalengka soméahna
  • Kataji ku mangga gedongna
  • Jajakana pangkasépna
  • Taya deui bandinganana
  • Ka Banten katelah ku debusna
  • Ka Jampang reueusku jawarana
  • Cimahi gedé kawani
  • Sanajan Kota leutik tapi campernik
  • Bandung Barat anu lumpat
  • Lumampah jeung mawa mangpaat
  • Majalaya katelahna
  • Raos pisan borondong garingna
00:00
-00:00
Lihat rincian lagu
testestes😅

25 5 3111

2023-6-8 14:40 OPPOCPH1901

Tangga lagu hadiah

Total: 0 10

Komentar 5