Randa Ngora Hade Rupa

Beu itu aya randa

  • Beu itu aya randa
  • Da meuni geulis kacida
  • Hade rupa hade basa
  • Nu mantak akang kagoda
  • Ieu nyaritakeun babaturan urang
  • Mimitina dina Facebookan kenalan
  • Jeung hiji awewe rupana geulis pisan
  • Nyambung ka B B M janjian di pahlawan
  • Ngobrol Ngaler Ngidul
  • Bener teuing wadul
  • Tapi katingalina maha jiga nu betul
  • Nongkrong di merdeka meuli tahu gejrot
  • Abi hayang difoto eneng kalah nyorongot
  • Mimiti panggih geus lelendehan
  • Akang jadi teu puguh rarasaan
  • Henteu weuleh sagala ditawaran
  • Bari mayarna mah sorangan
  • Beuh itu aya randa
  • Da meuni geulis kacida
  • Hade rupa hade basa
  • Nu mantak akang kagoda
  • Sugan teh umurna dua puluhan
  • Ari pek geus umur dua salapan
  • Saha nu nyangka atos buntutan
  • Salira na alit raray budak sakolaan
  • Di kacamata rambut na diponi
  • Gayana budak gaul trend masa kini
  • Anu geulisna kawanti-wanti
  • Sawios neng randa akang mah nampi
  • Nu geulis putra hiji tapina akang nampi
  • Nu geulis mirip Berbi lucu pipina cabi
  • Sawios tilas batur akang mah cadu mundur
  • Panceg dina galur batur sakasur
  • Beu itu aya randa
  • Da meuni geulis kacida
  • Hade rupa hade basa
  • Nu mantak akang kagoda
  • Tuluy manehna ngajak kaimahna
  • Hate bagja kacida bungahna
  • Sumanget di dada moal aya
  • Dek mojok jeung si eneng nu dipika cinta
  • Pas nepi imah kaget kacida
  • Aya budak leutik ngangegeroan ema
  • Kuring gogodeg bari nyampa dada
  • Sugan teh gadis ari pek teh randa
  • Nu geulis putra hiji tapina akang nampi
  • Nu geulis mirip Berbi lucu pipina cabi
  • Sawios tilas batur akang mah cadu mundur
  • Panceg dina galur batur sakasur
  • Beu itu aya randa
  • Da meuni geulis kacida
  • Hade rupa hade basa
  • Nu mantak akang kagoda
  • Beu itu aya randa
  • Da meuni geulis kacida
  • Hade rupa hade basa
  • Nu mantak akang kagoda
00:00
-00:00
Xem chi tiết bài hát
Yuk dengarkan aku nyanyi solo!

31 6 1529

10-27 22:36 INFINIXInfinix X6528B

Quà

Tổng: 0 8

Bình luận 6