Indung Bapa

Nalangsa batin nalangsa

  • Nalangsa batin nalangsa
  • Indung bapa geus teu boga
  • Tos tilar di alam dunya
  • Kamana kudu ka saha
  • Lieuk eweuh lieuk lain
  • Jauh kasintung kalapa
  • Teu aya geusan pamuntangan
  • Mun diri nandang tunggara
  • Kanya'ah ka asih indung jeung bapa
  • Kiwari kari tapakna
  • Ngan ukur tutunggul di luhur kubur
  • Teuteungeur nu hempak digulang gaper
  • Cimata maseuhan paitna rasa
  • Rasa hanjelu kaduhung
  • Ya Allah nu maha welas tur heman
  • Pamugi ca'angkeun di alam baka
  • Hapunten sagala dosa-dosana
  • Dosa ti ema jeung bapa
  • Duh Gusti ka anjeun abdi nyalindung
  • Nalangsa batin nalangsa
  • Indung bapa geus teu boga
  • Tos tilar di alam dunya
  • Kamana kudu ka saha
  • Lieuk eweuh lieuk lain
  • Jauh kasintung kalapa
  • Teu aya geusan pamuntangan
  • Mun diri nandang tunggara
  • Kanya'ah ka asih indung jeung bapa
  • Kiwari kari tapakna
  • Ngan ukur tutunggul di luhur kubur
  • Teuteungeur nu hempak digulang gaper
  • Cimata maseuhan paitna rasa
  • Rasa hanjelu kaduhung
  • Ya Allah nu maha welas tur heman
  • Pamugi ca'angkeun di alam baka
  • Hapunten sagala dosa-dosana
  • Dosa ti ema jeung bapa
  • Duh Gusti ka anjeun abdi nyalindung
  • Duh Gusti ka anjeun abdi nyalindung
00:00
-00:00
Xem chi tiết bài hát
🙏🙏🙏🙏

26 4 1978

2022-11-29 18:28 OPPOCPH1723

Quà

Tổng: 0 3

Bình luận 4