Palangsiang

Sok rajeun kamemelangan

  • Sok rajeun kamemelangan
  • Mikiran diri pribadi
  • Timana jeung rek kamana
  • Cenah hirup kudu hurip
  • Waluya lahir jeung bathin
  • Nyaho nu bener nu palsu
  • Ngan hese neanganna
  • Sok inggis salah pamilih
  • Palangsiang
  • Bener teh ngan ceuk sorangan
  • Dimana ayana senang
  • Dimana ayana tingtrim
  • Dikotektak diteangan
  • Lain deui lain deui
  • Lamun diri tacan wani
  • Naklukkeun tujuh nu luhung
  • Wayahna dina maya
  • Ngarungkupan katumbiri
  • Anu aya di dayeuh karang tangtungan
  • Angkeuhan karek rumangsang
  • Jauh keneh kana peuting
  • Padahal geus wayah ashar
  • Najan surya tacan lingsir
  • Lamun pareng datang peuting
  • Samemeh sareak layung
  • Kakarak balilihan
  • Kaduhung gawe ngan ulin
  • Ngalongkewang
  • Teu boga bawaeun mulang
  • Angkeuhan karek rumangsang
  • Jauh keneh kana peuting
  • Padahal geus wayah ashar
  • Najan surya tacan lingsir
  • Lamun pareng datang peuting
  • Samemeh sareak layung
  • Kakarak balilihan
  • Kaduhung gawe ngan ulin
  • Ngalongkewang
  • Teu boga bawaeun mulang
  • Ngalongkewang
  • Teu boga
  • Teu boga bawaeun mulang
00:00
-00:00
Xem chi tiết bài hát
Yuk dengarkan aku nyanyi solo!

27 3 3853

1-1 16:24 realmeRMX3501

Quà

Tổng: 0 6

Bình luận 3

  • Putra Nadera 1-2 07:28

    💪Wow... Mantapp dua duanya... 👏👏👏👏👏🙆🙆🙆🙆salam persahabatan. Semoga sehat sellu menyertai. Aamin

  • Bambang 1-10 22:23

    💞 🎷🧑‍🎤keren kk👏👍👍 suara nya bgus merdu 👏

  • Innpoto 1-10 22:37

    💪🎉🤗😘mantab luar biasa makasi situ suara nya keren juga 🎉 🙋‍♀️