Rangrang Kamelang

Sanaos urang kantos kedal jangji

  • Sanaos urang kantos kedal jangji
  • Niat Hirup silih asih
  • Sanaos urang kantos tigin niat milih
  • Hiji dina ati
  • Taya hartosna lamun hate meulit bae
  • Asih pinuh kapalsuan cinta
  • Taya hartosna lamun diri dinyenyeri
  • Samagaha mulas raga sirna
  • Harepan anu kantos mekar ligar
  • Mangsa urang anyar tepung
  • Karaos nyiram tresna
  • Asih diri pinuh simpay Rasa bagja
  • Tapi buktosna urang pada milih jalan
  • Hambar geter katingtriman batin
  • Tapi buktosna urang tepung ukur tangtung
  • Kumalayang ngawang-ngawang renggang
  • Upami lambar lalakon
  • Naha pinuh ku cipanon
  • Naha pinuh ku cipanon
  • Upami geus titis tulis
  • Naha nyeri batan hinis
  • Naha nyeri batan hinis
  • Upami tos kapimilik
  • Naha mulang mawa ceurik
  • Naha mulang mawa ceurik
  • Upami raga wayahna naha henteu tibaheula
  • Naha henteu tibaheula
  • Carita urang duaan
  • Kawas panteng langlayangan
  • Ngapung lugina ngalayang
  • Pegat kapakan sapisah
  • Ilang puntangan harepan
  • Upami lambar lalakon
  • Naha pinuh ku cipanon
  • Naha pinuh ku cipanon
  • Upami geus titis tulis
  • Naha nyeri batan hinis
  • Naha nyeri batan hinis
  • Upami tos kapimilik
  • Naha mulang mawa ceurik
  • Naha mulang mawa ceurik
  • Upami raga wayahna naha henteu tibaheula
  • Naha henteu tibaheula
  • Carita urang duaan
  • Kawas panteng langlayangan
  • Ngapung lugina ngalayang
  • Pegat kapakan sapisah
  • Ilang puntangan harepan
00:00
-00:00
Lihat rincian lagu
Yuk dengarkan duet kami!

113 1 1

2023-11-30 08:51 samsungSM-A015F

Tangga lagu hadiah

Total: 0 123

Komentar 1