Sakur ngimpi

Saprak anjeun ngaléos

  • Saprak anjeun ngaléos
  • Ngabeubeutkeun duriat
  • Hirup asa nunggeulis
  • Haté mararinggis
  • Saprak anjeun ninggalkeun
  • Ngararajéet cinta urang
  • Pikiran baluweng
  • Pinuh ku émutan
  • Sagala rasa kabawa anjeun
  • Saparo nyawo ngilu ka anjeun
  • Nikmati hirup leungit teu nyésa
  • Teuing kamana
  • Létah teu mirasa sagala karasa pait
  • Saré gulang guling hésé peureum
  • Kahayangmah ieu téh sakur ngimpi
  • Anu ngageuingkeun urang
  • Tina kasombongan diri
  • Kahayangmah waktu teh ngulang deui
  • Sabulan anu katukang
  • Basa silih keukeupan
  • Ngahelas kaleungitan
  • Ngoréjat seseblakan
  • Lieuk euweuh lieuk euweuh
  • Ngagugulung lamunan
  • Ngarep ngarep sakur ngimpi
  • Ngarep ngarep anjeun datang
  • Tiap detik gé tatanya
  • Dimana anjeun
  • Letah teu mirasa sagala karasa pait
  • Sare gulang guling hese peureum
  • Kahayangmah ieu teh sakur ngimpi
  • Anu ngageuingkeun urang
  • Tina kasombongan diri
  • Kahayangmah waktu teh ngulang deui
  • Sabulan anu katukang
  • Basa silih keukeupan
  • Ngahelas kaleungitan
  • Ngorejat seseblakan
  • Lieuk euweuh lieuk euweuh
  • Ngagugulung lamunan
  • Ngareup ngareup sakur ngimpi
  • Ngareup ngareup anjeun datang
  • Tiap detik ngan tatanya
  • Dimana anjeun
  • Letah teu mirasa sagala karasa pait
  • Sare gulang guling hese peureum
00:00
-00:00
Lihat rincian lagu
Yuk dengarkan duet kami!

20 3 3915

2023-6-14 16:40

Tangga lagu hadiah

Total: 0 3

Komentar 3