Sakur Ngimpi

Saprak anjeun ngaleos

  • Saprak anjeun ngaleos
  • Ngabeubeutkeun duriat
  • Hirup asa nunggelis hate mararingis
  • Saprak anjeun ninggalkeun
  • Ngararajet cinta urang
  • Pikiran baluweng pinuh ku emutan
  • Sagala rasa kabawa anjeun
  • Saparo nyawa ngilu ka anjeun
  • Nikmatna hirup leungit teu nyesa
  • Teuing kamana
  • Letah teu mirasa sagala karasa pait
  • Sare gulang guling hese peureum
  • Kahayang mah ieu teh sakur ngimpi
  • Anu ngageuingkeun urang
  • Tina kasombongan diri
  • Kahayang mah waktu teh ngulang deui
  • Sabulan anu katukang
  • Basa silih keukeupan
  • Ngahelas kaleungitan
  • Ngorejat seseblakan
  • Lieuk euweuh lieuk euweuh
  • Ngagugulung lamunan
  • Ngarep-ngarep sakur ngimpi
  • Ngarep-ngarep anjeun datang
  • Tiap detik ngan tatanya
  • Dimana anjeun
  • Letah teu mirasa sagala karasa pait
  • Sare gulang guling hese peureum
  • Kahayang mah ieu teh sakur ngimpi
  • Anu ngageuingkeun urang
  • Tina kasombongan diri
  • Kahayang mah waktu teh ngulang deui
  • Sabulan anu katukang
  • Basa silih keukeupan
  • Ngahelas kaleungitan
  • Ngorejat seseblakan
  • Lieuk euweuh lieuk euweuh
  • Ngagugulung lamunan
  • Ngarep-ngarep sakur ngimpi
  • Ngarep-ngarep anjeun datang
  • Tiap detik ngan tatanya
  • Dimana anjeun
00:00
-00:00
查看作品详情
Yuk dengarkan duet kami!

38 5 3344

2023-5-21 20:02 红米4X

礼物榜

累计: 0 1

评论 5

  • Rose 2023-5-21 20:41

    asalamualaikum wr wb.haturan wilujeng tepang deui.wilujeng wengi.hatur nuhun tos kersa sumping nyarengan ieu kawih katampi

  • Rose 2023-5-21 20:41

    Kalayan kabingahan salam baktos mugia salira aya dina kawilujengan sappaos na amiiin ya robbal alamiiin

  • Enojanuar Permadi 2023-5-21 20:49

    wilujeng wengi bunda rose

  • Rose 2023-5-21 20:51

    wengi NU sami kang.salam sehat selalu kggo salira

  • perdana meliala 2023-5-28 15:02

    💗 Woouw..Nice solo 💖💖💖