Tepung Salangkung

Waktos ngawitan patepang lebah pengkolan

  • Waktos ngawitan patepang lebah pengkolan
  • Na sorot soco aya teuteup rada manjang
  • Ngabelengeh anjeun imut
  • Meni lucu matak kairut
  • Nembus rasa jajantung ratug dag dig dug
  • Teu loba catur ngaleos terus ngalengkah
  • Sanajan hate ngarasa beurat tur wegah
  • Da kahayang mah bisa ngobrol rada lila
  • Rek nyarita kahalang ku rasa era
  • Sok sanajan patepung ukur salangkung
  • Aya teuteup meungkeut geugeut
  • Duh kadeudeuh maneuh
  • Moal enya salira sami micinta
  • Da katawis na sorot soca
  • Poe isuk rek ulin deui kadinya
  • Susuganan aya bagja
  • Tepang deui jeung anjeunna
  • Teu loba catur ngaleos terus ngalengkah
  • Sanajan hate ngarasa beurat tur wegah
  • Da kahayang mah bisa ngobrol rada lila
  • Rek nyarita kahalang ku rasa era
  • Sok sanajan patepung ukur salangkung
  • Aya teuteup meungkeut geugeut
  • Duh kadeudeuh maneuh
  • Moal enya salira sami micinta
  • Da katawis na sorot soca
  • Poe isuk rek ulin deui ka dinya
  • Susuganan aya bagja
  • Tepang deui jeung anjeunna
00:00
-00:00
ดูรายละเอียดเพลง
Yuk dengarkan duet kami!

45 2 2478

2023-1-31 00:55 vivoV2111

ชาร์ตของขวัญ

รวม: 0 4

ความเห็น 2