Tibelat

Ukur sareret

  • Ukur sareret
  • Teteup saliwat
  • Tapi duriat
  • Tumapel masket
  • Matih lir peurah
  • Diri sumeurah
  • Kumambang asih
  • Neang pangeunteupan dedeuh
  • Diri ngambang kabandang kajamparing kumanehna
  • Diri nguyung kapentang ngalanglayung ku manehna
  • Kamana atuh kamana
  • Neang manehna
  • Metik asihna
  • Sareret jeung saliwat
  • Mawa tibelat
  • Sesah hilapna
  • Reret manehna
  • Teuteup manehna
  • Seukeut pamoal
  • Ngahudang cinta
  • Gandrung tibelat
  • Liwung kabandang
  • Hate micangcang
  • Beurang jeung peuting
  • Raray kagambar
  • Hate gemeter
  • Hayang patepung
  • Sugan asih bisa nyanding
  • Diri ngambang kabandang kajamparing ku manehna
  • Diri nguyung kapentang ngalanglayung ku manehna
  • Kamana atuh kamana
  • Neang manehna
  • Metik atina
  • Sareret jeung saliwat
  • Mawa tibelat
  • Sesah hilapna
  • Jamparing asih
  • Nembus kadeudeuh
  • Daya asmara
  • Kembangna cinta
  • Ukur sareret
  • Teteup saliwat
  • Tapi duriat
  • Tumapel masket
  • Matih lir peurah
  • Diri sumeurah
  • Kumambang asih
  • Neang pangeunteupan dedeuh
  • Diri ngambang kabandang kajamparing kumanehna
  • Diri nguyung kapentang ngalanglayung ku manehna
  • Kamana atuh kamana
  • Neang manehna
  • Metik asihna
  • Sareret jeung saliwat
  • Mawa tibelat
  • Sesah hilapna
  • Reret manehna
  • Teuteup manehna
  • Seukeut pamoal
  • Ngahudang cinta
00:00
-00:00
Lihat rincian lagu
Yuk duet bareng aku!

31 8 2729

2023-1-21 17:20 红米Note 4

Tangga lagu hadiah

Total: 0 17

Komentar 8