Halangan Diri

Na kunaon sagala rupa

  • Na kunaon sagala rupa
  • Ngan aral gagal jeung gagal
  • Soal cinta jeung usaha
  • Kandas pamaksadan
  • Kamudahan bet ngabalieur
  • Kalapangan naronggongan
  • Paruntungan lumpat ngajauhan
  • Naha naha kunaon
  • Boa-boa halangan diri
  • Nu mangrupi dosa-dosa
  • Kajongjonan kangeunahan
  • Ngumbar-ngumbar larangan
  • Boa-boa halangan diri
  • Nu mangrupi dosa-dosa
  • Nu ngajajar mani panjang
  • Sapanjang jalan karéta
  • Aduh Gusti aduh Gusti
  • Kumaha ngénténgkeunnana
  • Aduh Gusti aduh Gusti
  • Kumaha ngabébaskeunna
  • Panon cireumbay mapay-mapay pipi
  • Ragragan kana sajadah
  • Nginget-nginget laku lampah
  • Ninggang salah jeung salah
  • Haté anu meurih haté nu ngajerit
  • Kabeulit ku dosa-dosa
  • Biwir nu ngageter ngedalkeun rasa jiwa
  • Ampun ampun duh Gusti
  • Boa-boa halangan diri
  • Nu mangrupi dosa-dosa
  • Kajongjonan kangeunahan
  • Ngumbar-ngumbar larangan
  • Boa-boa halangan diri
  • Nu mangrupi dosa-dosa
  • Nu ngajajar mani panjang
  • Sapanjang jalan karéta
  • Aduh Gusti aduh Gusti
  • Kumaha ngénténgkeunnana
  • Aduh Gusti aduh Gusti
  • Kumaha ngabébaskeunna
00:00
-00:00
Xem chi tiết bài hát
Yuk dengarkan aku nyanyi solo!

28 0 3598

6-24 01:41 samsungSM-A032F

Quà

Tổng: 0 5

Bình luận 0