Lampah

Gapura mendak harepan

  • Gapura mendak harepan
  • Hirup semet mumuncangan
  • Leumpang ngudag paningeunan
  • Muru waktu satangtungan
  • Ngudag lampah saamparan
  • Lemah merenahkeun amarah
  • Suci asih heman rasa
  • Waruga mendakan jiwa
  • Tungkul ka bumi sajati
  • Sarakan mulang wasilah
  • Gumuruh minuhan waktu
  • Halimun numbukeun umur
  • Subur lembur pangebonan
  • Seah kamulyaan diri
  • Seah kamulyaan diri
  • Diri asih ka dirina
  • Sampurna lampah hirupna
  • Sujud waktu cunduk tumut
  • Papagon beungkeutan seumu
  • Alam ngadangding pepeling
  • Allah maheutkeun kawening
  • Malati asih ka diri
  • Gumuruh minuhan waktu
  • Halimun numbukeun umur
  • Subur lembur pangebonan
  • Seah kamulyaan diri
  • Seah kamulyaan diri
  • Diri asih ka dirina
  • Sampurna lampah hirupna
  • Sujud waktu cunduk tumut
  • Papagon beungkeutan seumu
  • Alam ngadangding pepeling
  • Allah maheutkeun kawening
  • Malati asih ka diri
00:00
-00:00
ดูรายละเอียดเพลง
Yuk dengarkan aku nyanyi solo!

36 8 1

3-8 07:22 vivoV2058

ชาร์ตของขวัญ

รวม: 0 4

ความเห็น 8