Hariring Kuring

Teungah peuting keur jeumplang jeumpling

  • Teungah peuting keur jeumplang jeumpling
  • Kuring nyaring teu geunah cicing
  • Hate meulang sumoreang
  • Buah ati lawas teu pateupang
  • Cuang cieung kuring sorangan
  • Nunggeulis di pangumbaraan
  • Lieuk deungeun lieuk lain
  • Taya pisan geusan pamuntangan
  • Rek sasambat kasaha nya nyambat
  • Suwung dulur walurat sobat
  • Sangsang badan nitipkeun nya diri
  • Iwal ti ka gusti Hyang Widi
  • Hiliwirkeun duh angin peuting
  • Pangneupikeun hariring kuring
  • Ka jungjunan nu ngantosan
  • Kawih ati nu keur rungsing pusing
  • Cuang cieung kuring sorangan
  • Nunggeulis di pangumbaraan
  • Lieuk deungeun lieuk lain
  • Taya pisan geusan pamuntangan
  • Rek sasambat kasaha nya nyambat
  • Suwung dulur walurat sobat
  • Sangsang badan nitipkeun nya diri
  • Iwal ti ka gusti Hyang Widi
  • Hiliwirkeun duh angin peuting
  • Pangneupikeun hariring kuring
  • Ka jungjunan nu ngantosan
  • Kawih ati nu keur rungsing pusing
00:00
-00:00
Lihat rincian lagu
Dengarkan duet yang terkoordinasi baik

33 12 2705

5-10 17:26

Tangga lagu hadiah

Total: 3 30

Komentar 12