Tibelat

Ukur sareret teuteup saliwat

  • Ukur sareret teuteup saliwat
  • Tapi duriat tumapel masket
  • Matih lir peurah diri sumerah
  • Kumambang asih neang
  • Pengeunteupan deudeuh
  • Diri ngambang kabandang
  • Kajamparing ku manehna
  • Diri nguyung kapentang
  • Ngalanglayung ku manehna
  • Kamana atuh kamana neang
  • Manehna metik atina
  • Sareret jeung saliwat mawa
  • Tibelat susah hilapna
  • Reret manehna
  • Teuteup manehna
  • Seukeut pamorna
  • Ngahudang cinta
  • Gandrung tibelat liwung kabandang
  • Hate micangcang beurang jeung peuting
  • Raray kagambar hate gumeter
  • Hayang patepung sugan
  • Asih bisa nyanding
  • Diri ngambang kabandang
  • Kajamparing ku manehna
  • Diri nguyung kapentang
  • Ngalanglayung ku manehna
  • Kamana atuh kamana neang
  • Manehna metik atina
  • Sareret jeung saliwat mawa
  • Tibelat susah hilapna
  • Jamparing asih
  • Nembus kadeudeuh
  • Daya asmara
  • Kembangna cinta
00:00
-00:00
Lihat rincian lagu
Yuk duet bareng aku!

116 56 1078

2022-10-3 15:11 samsungSM-A022F

Tangga lagu hadiah

Total: 0 19

Komentar 56