Kantunkeun

Kantunkeun abdi mah didieu wae

  • Kantunkeun abdi mah didieu wae
  • Teu kiat nyarengan nu teu sahate
  • Ramat ramat duriat
  • Nyulam renda tibelat
  • Nganteng teu pegat
  • Riwayat pegat teu tamat
  • Kantunkeun abdi mah tengahing jalan
  • Teu kiat nyarengan rasa kaheman
  • Pucuk pucuk impian
  • Wios layu munguran
  • Kembang kahayang
  • Randaka dina impenan
  • Teu kedah janten emutan
  • Kantunkeun abdi nyorangan
  • Tong teuing janten bangbalung
  • Mun raga kedah pajauh
  • Teu kedah janten baluweng
  • Ngaragas nyipta kawaas
  • Teu kedah janten kamelang
  • Guratan kedah paanggang
  • Kantunkeun abdi mah didieu wae
  • Teu sae micinta midua hate
  • Binih asih na ati
  • Nu teu kantos ngajadi
  • Yu urang tampi
  • Kersaning gusti yang widi
  • Kantunkeun abdi mah tengahing jalan
  • Teu kiat nyarengan rasa kaheman
  • Pucuk pucuk impian
  • Wios layu munguran
  • Kembang kahayang
  • Randaka dina impenan
  • Teu kedah janten emutan
  • Kantunkeun abdi nyorangan
  • Tong teuing janten bangbalung
  • Mun raga kedah pajauh
  • Teu kedah janten baluweng
  • Ngaragas nyipta kawaas
  • Teu kedah janten kamelang
  • Guratan kedah paanggang
  • Kantunkeun abdi mah didieu wae
  • Teu sae micinta midua hate
  • Binih asih na ati
  • Nu teu kantos ngajadi
  • Yu urang tampi
  • Kersaning gusti yang widi
00:00
-00:00
Lihat rincian lagu
Kedah Sobar sareng tabah 😭💪

34 20 4307

6-23 22:12 RealmeRMX1941

Tangga lagu hadiah

Total: 0 161

Komentar 20